WAWACAN
RENGGANIS
Oleh
: R.H. Abdussalam (Dep P&K)
Pupuh Asmarandana
Kacatur sahiji nagri, ngaran nagri Jamin erak, rajana tilar kadaton,
anu matak luluasan, tina bawaning tresna, sungkawa manah kalangkung, ku sabab
pupus garwana Jeung Kagungan putra istri,
sahiji didama dama, tegesna langung dienod, Rengganis jenenganana, kalangkung
matak welas, rehing katilar ku ibu, tambah sumpeg manah rama.
Rengganis sedeng birahi, henteu acan carogean, baleg dek sengserang
panon, jadi tambah tambah welas, rama ningal ka putra, ku bawaning sumpeg kalbu
raja nilar kawibawan. Rupana kalangkung wingit mulus luis salirana, panceg
pasipatan panon, capetang bisa bicara,
dangah wani ka tengah, imutna jadi pangirut, istri istri kaedanan jeung deui
Dewi Rengganis, disebut Kusumah Rara, tegesna rara awewe reujeung deui sok katelah, Nyaimas Argapura, sarta
sakti bisa ngapung, bisa ngambah ngambah mega istri surti sarta sakti, teu
memper memper manusa, Rengganis yen barang gawe, nyeples cara gagawean, Jin yen
karajinan, Rengganis stu pinunjul, bangsa manusa kajinan
Nu matak Retna Rengganis, teu aya nu mapakan, geulisna sarta
kasakten, tamplok kabeh ti ramana, karosan kadigjayaan, tuhu titih misah musuh,
wanter jeung pinter aturan Ngider di
sakolong langit, di satangkaraking lemah, asa moal manggi bae, nu jiga Kususmah
Rara, bagja nu ngabogaan, jodo ka Sang Ratna Ayu, kusumah ing Argapura
Hiji mangsa Nyi Rengganis, disauran ku ramana, di payuneun rama
mando, sarta hade panatana, lajeng Raja Pandita, nyaur sarta manis mulut,
"Aduh enung anak ama. Ama dek nanya ka Nayi, Nyai teh entas timana, sajero
ning tilu poe, Nyai teh bet undur datang, pulang anting ka mana, ulah sok nyaba
teu puguh, naha naon nu diteang. Reujeung deui eta Nyai, bet mawa kemban
timana, sumarsana jeung urgelo, jeung kembang naga puspita, alus matak kabita,
reujeung kembang tunjung tutur, timana Nyai nya meunang. Tapi ku ama ditaksi,
eta nu kagungan kembang, moal jalma jore jore, taksiran kagungan raja, ningal
rupaning kembang, sumarsana tunjung tutur, pantes kembang kalangenan. Cik gera
bejakeun Nyai, ka ama nu
saterangna'"
Retna Rengganis ngawalon, "Sumuhun pariksa rama, jisim kuring
teh nyaba, patamanan anu dijugjug, seja kuring ngadon siram. Caina kalangkung
wening, dia jero patamanan, resep ningal sai cfur cor, caina lunyu jeung
herang, ngadon mandi di dinya, sim kuring pikir kapincut, endah lir taman
sawarga. Katelah Banjaran Sari, tegesna teh kebon kemban, nu kagungan eta
kebon, Rahaden Iman Suwangsa, sangputra Raja Arab, tapi kuring tacan wawuh,
tacan uninga rupina".
Raja pandita ngalahir, kaget sarta nepak dada, "naha enung ku
nahaon, sababna maneh nu matak, wani wani ka dinya, ganggu kagungan ratu, lain
sasama maneh. Ama mah inggis ku bisi Nyai teh dikaniaya, diwirang wirang
kantung goreng, masih mun teu kanyahoan."
Matur Kusumah Rara ," sugan moal dumeh ratu, murba teu mariksa
heula. Sareng sim kuring teu ajrih, perang tanding kadigjayaan, jeung Raden
Dipati Anom, dumeh awese kuring mah, disangka moal tahan."
Cek Pandita, "Sok amberung, dengekeun omongan ama. Sarta
regepkeun ku Nyai, ama arek cacarita, sanajan rea dui ge, putrana Bagenda
Hamzah, anging Iman Suwangsa, digadang jumeneng ratu, sabab terusing kusumah.
Ibuna perjurit sakti, Putri Kelan Kelaswara, jadi janget kina telon, ibu padmi
rama raja, sarta didama dama, anu ngasuh oge ratu urang Halab Raja Maktal.
Jeung deui putra kakasih, sarta enggeus beurat beunghar, geus ngadamel
kadipaten, sarta jeung anyaran nikah, pangereremokeun rama, nu matak ama
palaur, reuwas rempan ku manehna. Raden Dewi Sulasikin, jenengan garwa
Suwangsa, anging tacan sapatemon, eta putra Jamin toran, nu matak ama melang,
kuma onam putra ratu, kuma lamun kauninga. Meunggeus ulah deui deui, ngalaan
kembang kagungan cua manah menak gede, meugeus bae ayeuna mah, bisi maneh
dirampas, temahna tangtu kabitur, yen maneh sok ngala kembang. Nu matak ulah
dek wani, ganggu ka kagungan raja, lamun nyai tacan nyaho, nu jenengan Sultan
Arab terusing waliyullah, upama manahna bendu, geus tangtu matak katulah."
Imut Nyai Rengganis, ngadangu piwuruk rama, cicing bae teu ngawalon,
semu resep ka piwulang, tapi dina manah mah, papahare jeung piwuruk, da resep
ka kebon kembang. Rengganis sok maling, ana dek nyaba ka taman, ku rama sieun
katangen, teu aya pisan baturna, taya anu maturan, sigeg heula teu kacatur, nu
aya di Arga Pura.
Ganti anu dicatur deui, enya eta Raja Putra, nu di Karang Kadipaten,
Rahaden Iman mSuwangsa, linggihna di mandapa, parekan kumpul ngariung, kabeh
sami ngadeuheusanGanti nu dicatur deui, enya eta Raja Putra nu ki Karang
Kadipaten, Rahaden Iman Suwangsa, linggihna di mandapa parekan kumpul ngariung,
kabeh sami ngadeuheusan. Raden Suwangsa sayakti tacan salulut jeung garwa
salamina papanganten, pasaur oge teu acan, sadaya emban emban milu suahna
kalangkung kusabab juragan pista.
Kabeh sedih kingkin kacida ngantosanana, kana saena panganten
jengkel tacan kalagian, upama nu ngantosan lir bulan ragrag ti luhur, kitu
upama keselna. Warna warna para nyai anu ngomongkeun juragan kusabab teu acan
sae, warna warna ngarupatna, sawareh basa jawa, kapan baya Gusti ningsun,
jijimanah ingkang garwa. Sajeroning tujuh peuting, Rahaden Iman Suwangsa,
anggung gawe bendu bae, manahna rea kacua, tina lantarang kembang unggal poe
tangtu mundut, kembang keur anggoeunana.
Ka sakabeh para nyai, emban baku tukang kembang, nu purah metik ti
kebon, ari di mangsa harita pareng katitiwasan kapalingan tunjung tutur, suker
pikiran juru sekar. Teu harti jalan nu maling, bisa asup ka jero taman, kapan
lawang ngunci keneh, saha bae manusana, wani ngambah larangan tayoh enggeus
bosen hirup, mun kapanggih dipaehan. Kabeh enggeus baradami, para nyai
jurusekar, geus datang ka Kadipaten, henteu ngantos dipariksa, lajeng bae
unjukan, kapalingan tunjung tutur, sami ruksak pepetetan.
Sanggeusing ngadangu warti, Rahaden Iman Suwangsa, ngarengkol
bawaning jengkel, sedih kapalingan kembang raos dicaluntangan, tapi teu katawis
bendu, disimpen di jero manah. Geus kitu jengkar ti bumi, angkat ka
Banjaransekar, saabdina turut kabeh upacara nu ti heula, emban dangdan
maridang, panggona hurung mancur, disawur ku paningkahna. Kacaturkeun enggeus
sumping, Raden Arya Narpatmaja lumebet ka jero kebon, anging henteu nyandak
rencang, kabeh kantun di lawang, ditimbalan tunggu tunggu, tuguran ku sarerea.
Raden Suwangsa lastari, ngaronda ka patamanan ditingal yen ruksak
kabeh, peta peta pepetetan, lajeng angkat ka wetan, ningal kembang naga santun,
nguriling di patamanan. Papageran tamansari, beres aturan sayuran, pepelakan
pepek kabeh teu disebut sakabehna, warnaning patamanan, jambe cengkir candana
rum, kapol pala palawija. Kaciri urut nu maling, barusik ruksak kacida, sarta
geus dijajah kabeh, anu resik jadi ruksak, urut dikurusukan, tapi teu burung
kayungyun ningal peta pepetetan. Sakur sekar nu laleutik sami ngangsar kana
lemah jeung dina jambangan kabeh, ergulo jeung sumarsana, ngajajar kembang
pacar, pacar cina keling kuku, sakabeh dina jambangan. Gedah wungu, gedah
putih, gedah beureum jeung kasumba, sawareh ku gedah hejo, beunang ngadamel
ngahaja, wantuning putra raja, Raden Repatmaja maju, angkat ka tempat jambngan.
----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
Kacatur Rengganis siram, geus
disalin ku cawening, sutra ipis patelesan, sarta ngirab ngirab weni, mawur
gambir malati kembang layu dina gelung, rambutna patah lontar, panjang nepi
kana bitis, lulus lui teu aya huis salambar. Kacatur Rengganis siram Kusumah
Rara Rengganis, mesek ngosokan salira, sarta nganggo sabun wangi, ambrih wuwuh
beresih, saban siram tara rusuh, tumaninah kacida, ditingali ku nu ngintip,
bitis tembong ngagebray cara parada.
Rengganis henteu uninga, yen Raden Suwangsa ngintip, tumaninah bae
siram, ngaruru saluar diri, siga emas disangling, salira anu ngaruru, siram di
jero taman, babasah sutra cawening, yen ditingal siga henteu nganggo sinjang.
Rahaden Iman Suwangsa mingkin temen bae ngintip socana kumedep tasma, teu pisan
ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge dipegung, napas henteu
dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu anu sok malingan kembang. Rahaden Iman
Suwangsa mingkin temen bae ngintip socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup
saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan oge dipegung, napas henteu dilepas,
nyaur salebeting galih, boa ieu nu sok malingan kembang. Ayeuna mah kanyahoan
tangtuna matak balai lamun lumpat dek diudag dicerek sanajan ceurik, tayoh geus
jadi carik, curuk metik tunjung tutur, rupana geulis pisan, saumur kakara
manggih, geus kagendam Suwangsa ku kageulisan.
Nyaur deui dina manah, palangsiang jin iperi, henteu aya
kalangkangan, henteu kajudi ku ati lamun jalma istuning tmana jalma asup,
henteu puguh datangna, lawang masih keneh ngunci, jeung dijaga dilawang ku
gulang gulang. Ku Suwangsa geus kamanah, ieu teh lantaran kami paeh ku awewe
eta, mun henteu kalakon panggih, sapoe tujuh kali, tangtu diri kami pupus
sanajan wurung hilang, moal burung diri kami kaedanan moal beunang diubaran.
saenggeus reres siramna, Kusumah Rara Rengganis hanjat sarta salin
sinjang limar peremas raspati, raksukan sutra kuning wuwuh lucuk matak wuyung,
jeung pantes paningkahna santeb leleb andalemi, jeung panganggo murub mubyar diperemas.
Panganggo Kusumah Rara kabeh yasana pribadi, kekemben sinjang peremas,
wantuning istri binangkit, Retna Dewi Rengganis salira miyuni santun, panangan
nganggo geulang, emas kolot anting anting, cucuk konde inten mirah berlian.
wangina tanpa gagandan, wantuning bawa ngajadi, lain minyak lain
kembang, wangi bijil ti jasmani, nu matak Nyi Renggans disebut miyuni santun,
santen kabina bina raspaati mumulet ati salawasna Rengganis matak kabita.
Rengganis lamun lumampah, taya nu bosen ningali satingkah tingkah lampahna,
saparipolahna wingit, lengkah Ratna Rengganis gandrung gandrung matak nguyung,
sinjangna nyapu lemah wuwuh matak tambah geulis, salampahna Rengganis ngan
matak bingbang.
Kersana dek metik kembang Kusumah Rara Rengganis kembang nu dilarang
tea, sakur sekar nu sareungit nu larangan istuning, enya eta tunjung tutur
jeung kembang sumarsana, enggeus top Retna Rengganis metik kembang sarta lajeng
diambungan. Rahaden Iman Suwangsa nyaur dina sajeroning galih, sidik yen ieu
jalmana, nu maling puspitasari. Retna Dewi Rengganis eukeur metik tunjung
tutur, Raden Iman Suwangsa alon lungsur tina katil, ngedeukeutan ka Rengganis
di pungkurna. Rengganis keur bongoh pisan cara lampahna sasari suka suka milih
kembang nganteur sakarep ati,
Digeretak Rengganis, digebah ditunjuk tunjuk ku Raden Narpatmaja,
tapi bari mesem manis, "nyeta ie anu sok malingan kembang".
Rengganis kaget kacida, reuwas sarta semu isin, barang geus patingal
tingal, lir kilat barung lan tatit, hartosna geus sapikir, duanana ngandung semu,
anging Rara Kusumah, wantu wantu watek istri paribasa kerak pacampur jeung
hayam, nyaur dina manahna Kusumah Retna Rengganis "Tangtu ieu nu kagungan,
saeusining tamansari, kasepna pilih tanding, estu pameget pinunjul , mider ing
rat buana, neangan teu sanggup manggih" bari emok Rengganis handapeun
kembang. Nya bener piwuruk ama, sakecap teu pisan sisip, ayeuna enggeus karasa,
pinanggih ku diri kami, jeung kajudi ku ati, nu kagungan sanget bendu, moal
meunang sumingkah, tanwande manggih balai, lara wirang ayeuna tangtu kasorang.
Cara ngagebah ka budak, si jenet ku matak sedih dumeh dumeh putra
raja, matak reuwas teuing pikir, ngagebah bari seuri, eukeur metik kembang
tunjung tutur, kembang datang ka murag.
sibeler kandar ka sisi, abong kena ku kasep diugung pisan. Nagilir Iman
Suwangsa, seja megatan Rengganis, Kusumah Ing Argapura, resep pabaur jeung
isin, Raden mandeng ningali, Retna Rengganis tumungkul ngawatek kinasihan jeung sagala isim isim.
Lajeng Raden Iman Suwangsa
mariksa. "Eneng nu timana? asa kakara papanggih, saha jenengan
Nyai?reujeung timana nya lembur? nyai teh putra saha?".
Ngawalon Retna Rengganis, mutuh lucu paningkah nu ngawalonan.
Capetang jeung rada centang, goyang dua antingna pokna," Sumuhun pariksa,
sayaktosna jisim kuring istuning urang sisi, imah lembur luhur gunung, patapan
Argapura, Rengganis ngaran sim kuring, bapa kuring katelah Raja Pandita."
Nyaur Raden Narpatmaja," Eh nyai Ratna Rengganis, maneh kumaha
sababna wani ngambah taman sari? jeung leuwih kumawani ngala kembang tunjung
tutur, saha anu marentah?"
Ngawalon Retna Rengganis," Henteu aya ka sim kuring nu
marentah. Kuring ngambah patamanan seja sim kuring pribadi, metikan kembang
kagungan, pon seja kuring pribadi, ayeuna jisimm kuring nyanggakeun badan
sakujur."
Nyaur Iman Suwangsa,"Maneh keuna hukum pati, tina sabab maneh
teh nyorang larangan."
Lajeng Nyimas Argapura lambeyna imut saeutik. Raden Arya Narpatmaja
diimutan ku Rengganis, manahna langkung manis, raos kagunturan madu teu aya
papadanana, yen diimutan nu geulis, Narpatmaja micara di jero hate,"Rasa
kami saayeuna, lamun ditinggalkeun balik, ku ieu Nyi Argapura, gues tangtu kami
teh gering, jeung moal cageur deui, kadangkala pondok umur, geus karasa ayeuna,
dibere imut saeutik, pikir kami lumenyap dek kapaehan."
Lajeung Nyimas Argapura, lambeyna imut saeutik, Raden Arya
Narpatmaja diimutan ku Rengganis manahna
langkung manis, raos kagunturan madu teu aya papadana, yen diimutan nu geulis,
Narpatmaja micara di jero manah, “Rasa kami saayeuna, lamun ditingkalkeun balik,
ku ieu Nyi Argapura geus tangtu kami teh gering, jeung moal cageur deui,
kadangkala pondok umur geus karasa ayeuna dibere imut saeutik, pikir kami lumenyap kek kapaehan.”
Unjukan Kusumah Rara sarta bari melas melis, “Sim kuring kenging
awisan asup ka Banjaransari panuhun jisim kuring ngan hampura anu agung, sareng
sim kuring moal purun nyaba nyaba deui kana taman manawi teu jadi tuman. Amung
timbangan gamparan, anu diajeng ku sim kuring da jamak bubuhan menak,
ngahampura sareng adil ka sadayana abdi, anu kasiput ku luput, manawi di
ahirna, menggah diri jisim kuring, werat males kasaean ka gamparan. Amung sim
kuring cacadna rea margina katampik lamun ngabdi ka gamparan. Wantu kuring
urang sisi sarta lain sasami, ngangken sobat ka nu agung. Ngan manawi gamparan
aya kalunturan galih kersa ngangken sobat dalit ka pun bapa”.
Ku Suwangsa geus kamanah kabeh pihatur Rengganis. Suwangsa geus
samar rasa sarta teu pegat ningali. Narpatmaja ngalahir, “Sukur sewu lamun
enung aya niat ngawula ka nu nista papa miskin. Lamun enya kumaha bae nya rasa.
Palangsiang sambewara omongan Nyai ka kami. Lawbang panyandet kuda, manawi
eneng ngapusi.”
Matur Retna Rengganis, nyembah sarta bari imut ngawalon ku basa jawa
jengkel dituding ngapusi, “Lahir batin Pangeran atur kaula.”
Ngalahir Raden Suwangsa, “Eh Nyai Retna Rengganis, ayeuna urang
barempang pasini masing ngajadi manjing sudara wedi, tegesna asup kadulur, saha
anu pantes raka, jeung saha nu pantes rai.”
Enggal matur sosocaning Argapura, “Manawi sapuk jeung kersa, dupi
panuhun sim kuring gamparan nu kapiraka. Sim kuring nu kapirai.”
Kalangkung rena galih Raden Suwangsa ngarungu pihatur rai anyar,
“Daun cau nu geus garing, kaleresan Nyai kalangkung peryoga. Eneng teh tos
carogean?”
Ngawalon Ratna Rengganis, “Sim kuring masih parawan, teu acan gaduh
salaki.”
Narpatmaja ngalahir, “Da engkang oge nya kitu, bujang tacan garwaan,
lalaki taya kabeuki.”
Lajeung mesem Rengganis leleb kacida. Sarta ngucap jero manah
Kusumah Rara Rengganis, “komo teuin ieu jalma, bohongna mun jadi istri.”Narpatmaja
ngalahir, Rengganis diwujuk wujuk ,
“Mirah dunungan engkang, cik meuting bae sapetuing!”
Pok ngawalon Rengganis bari ngeletan, “Lah, engkang kuring
kumaha?lain ku teu hayang meuting ngan kuring tacan haturan ka rama di
Argapuri, manawi jajaga deui sakersa Engkang diturut, sim kuring ayeuna mah
ngan seja nyuhunkeun widi jeung pangdunga mugi salamet di jalan. Dek mundur ka
Argapura. Manawi widi sim kuring diantos antos ku rama.”
Raden Suwangsa pok deui, “Meuting bae sapeuting, wandoning rama di gunung,
montong jadi karempan da moal enya tingali.” Bari maju Suwangsa dek newak
tangan. Dewi Rengganis peryatna, caringcing teu ngeunah cicing, barang dek
ditewak ngejat, sarta ngomong, “Sanggeuk teuing!” Barang dek ditewak deui, Nyi
Rengganis ngapung. Raden Iman suwangsa lajeng rubuh henteu eling, Narpatmaja
kalengerna lila pisan.
Aya watara tilu jam, kakara usik ngalilir, ngahuleng barina tanggah
geregetan ku Rengganis, angin Dewi Rengganis anu jadi buah kalbu. Raden teu
kendat kendat ka awang awang ningali lajeng bae lumebet ka papanggungan.
Katingal bae gandangna paningkah Retna Rengganis kelinga bae imutna, manis
sarta kempot pipi. Suwangsa dina katil kana bantal ebog nyuuh jeung nyusutan
cisoca, kemutan ka semah mulih. Narpatmaja manahan kanti kedanan.
Pupuh
Kinanti (U-I-A-I-A-I)
Suwangsa teu suwung suwung, mikiran Retna Rengganis, jadi manah
salawasna, sarehing ditilar mulih, teu- beunang di ulah ulah, diandeng mondok
sapeuting.
Narpatmaja unggah turun ka panggung ka taneuh deui sarta henteu
petot tanggah , ningalan Dewi Rengganis, suganna katon ngolebat di awang-awang
Rengganis. Cat deui bae ka panggung, Suwangsa kanduhan kingkin, tegesna geus
kaleleban, sarta sering ngahariring, nangis bari sisindiran sumungkem kana
guguling. Guguling nu di gugulung dianggo tilam kaeling, kawas katingal hilang
ku nu mulang mentas maling.
Maling kembang tunjung tutur, katuturkeun ku pangliring, lila lila
henteu terang, wekasan Suwangsa gering, gering maneh karungrungan, kuru aking
ngajangjawing. Bawaning manahna kusut, teu kaop pisan kaseuit sewot lamun
kasuat. Kesesekan ku kasakit juwet ku Retna Juwita, tacan wareg silih ciwit.
Kitu nu matak nguluwut ka Rengganis enggeus muhit, kagendam cara nu ngundam
dendem demem diri, wekasan jadi sangsara geseh ti adat sasari.
Semua kalangkung alum tina kaleleban galih. Kacatur teu gugah gugah
ngaguligah hoyong panggih, sakapeung sok turun unggah Reungganis sugan
kapanggih. Lewang manah jadi liwung, awang awang nu dilingling sok sering
katuralengan, lelembutan geus ngelewing, tegesna raosing manah, geus aya di
Argapuri.
Kayungyun nu nandang wuyung alumna ngahudang wingit, teu aya nu
kacipta ngan Rengganis buah ati, lali ka saliring barang teu aya nu katolih. Di
jero panggung mangungkung, keneng rimang emeng galih, asa ningal kembang-kembang,
katembong urutna ngeumbing, kembang nu dina jambangan, matak wuwuh bingbang
galih.
Di handapeun tunjung tutur, Rengganis urutna calik, calik emok teu
disamak, hadena keusikna resik, Suwangsa mendak nalangsa, lalangse geus lingkup
deui. Narpatmaja dina bangku, henteu petot ngahariring, kersa ngalilipur manah,
malar paler ka nu mulih, sisindiran, basa jawa, supaya nambahan rasmi. Puter
putih wismeng panggung, Rengganis bendara mami, gelepung pilih wadana, sesulung
kang medal enjing, sataun mangsa lipura, yen durung slilironsih.
Kembang biru mungging kubur, anging ulah pegat asih, Renganis ka
diri engkang, bantal dawa mungging keri, mustika ning pagulingan, ngan Eneng
Retna Rengganis. Sing emut saur kapungkur, kang siti petak kabasmi, sanggup
maneh kumawula, buron galak saba kali, Rengganis pupujan engkang, kapan baya
sumping deui.
Gedong kambang mungging laut, kapalang temen Rengganis, sosobatan
sareng engkang, bet wani ninggalkeun mulih, gunung kembar mungging dada,
susunanku Nyi Rengganis. Aduh Nyai patrem sawung, Kang manira puji puji, ing
wengi kalayan siang, ngan Eneng Retna Rengganis, kakayon rineka jalma, mangsa
wurung anggoleki.
Aduh yayi sering kalbu, seja engkang nu sayakti, andeg andeg ing
ukara, pada temen ulah licik, ulah cidra ti subaya, Rengganis kapan geus
jangji. Naha henteu geura jebul, ngajabel puspitasari, sarina kudu kabawa, ka
patapan Argapuri, kidang desa mungging kandang, dening kang aminda sasih.
Rengganis ratuning ayu, kang etung sanga lan kalih, mugi sing agung kawelas,
gegelang munggin dariji, mun Eneng dek carogean, ka engkang ulah lali. Ulah dek
lali sawaktu, Rengganis ka diri kami, wedus bang kang saba wana, sun kukudang
Nyi Rengganis, kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati.
Kebo bang kagok ing susu, ku hayang sapisan deui, engkang jeun Eneng
patempang, engkang ngantos ngantos jangji, majah maneh moal lila, kuring
meureun balik deui. Enggeus dek langkung saminggu, henteu acan bae sumping,
sugan masih keneh welas, ka nu boga tamansari, sabarilen saba toya, wong ayu ambibisani.
Umpama eneng geus tangtu, henteu kersa mulih deui, angka ka
Banjaransekar, engkangna nu kantun nyeri, wader bang mawa curiga, kurang tamba
lila gering. Daek daek pondok umur, mun teu dilayad ku Nyai, meureun burung
jadi raja, ngaganti jeneng bupati, ngagentosan jeneng rama, engkang moal awet
hurip.
Duh aduh Rengganis Enung, Nyai teh ngawaadung pari, estu Nyai
nganiaya, Rengganis ka diri kami, naha henteu geura datang, ka Banjaransari
deui. Engkah teh ngajukut laut, mun Nyai ayeuna sumping, meureun seger diri
engkang, hate moal ngentab teuing, bulan keur surem sabeulah, moal samagaha
pikir.
Henteu aya dua tilu, kajaba ti Nyai Rengganis, anu jadi pikir
engkang, sahingga nemahan pati, engkang sumeja bumela, ngabujang di Argapuri.
Gumantung dina jajantung, bulat beulit kana peujit, sumarambah kana bayah, jadi
kulit jadi daging, geus nyayang dina sungsuam, gandesna Retna Rengganis.
Panjang lamun dipicatur, anu keru kanduhan kingkin, nu matak Kusumah
Rara, disebut Retna Rengganis, tayohna kitu hartina, karengga dening mamanis.