Blogroll

Kamis, 28 Desember 2017

Biantara basa sunda - Biantara Kabersihan

           “..BIANTARA KABERSIHAN..”
1.Assalammu a’laikum wr.wb..
   Sampurasun ..
2.ashadu an laa ilaha ilalloh.wa ashadu anna muhammadan rosululloh.amma ba’du...
Langkung ti payun urang panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat  gusti anu maha suci,anu parantos masihan nikmat, rahmat,hidayahna ka urang sadayana.ku kiituna ayeuna urang tiasa ngumpul ditempat ieu dina kaayaan sehat wal áfiat..
Salawat sinareng salam mugi arurang curakeun ka junjungan nabi urang sadayana nabi muhammad saw.kapara kulawargina,rerencanganna,teras ka urang sadayana anu masih tumut,turut kana ajaranna .
3. Sateuacanna.
Bpk.ibu guru anu ku simkuring di pikahormat...
Sareng Rerencangan anu ku simkuring banggakeun..
4. Hadirin sadayana anu ku simkuring dipikahormat.simkuring ngahatur rewuh kana perhatosannana kanggo simkuring,anu ngawakilan rerencangan kanggo nepikeun biantara titenan ”kabersihan teh penting kana kahirupan urang sapopoe”
saluyu tina hadist rasululloh saw.anu hartosna”kabersihan teh sabagian tina iman”.urang sadayana kedah ngajaga kana lingkungan sareung awak urang sadaya,supados urang sadayana tebih tina panyakit.arurang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.contohna;miceun runtah teh ulah ojol” di alungkeun ka jalan,tapi kedahna mah miceun sampah teh ka tempatna nyaeta tong sampah.supaya teih tina panyakitsareng bancana,tah eta conto anu leutikna.urang sadaya teh kedah mikareusep kana kabersihan supados hate urang sadayana oge tiasa suci tina sareng beresih tina tingkah laku anu goreng.
5. rupina cekap sakitu wae biantara ieu ku simkuring dugikeun,sakali deui simkuring ngahatur rewuh kana waktosna,hapunteun bilih aya basa atanapi kaleupatan dina ngadugikeunnana mugia tiasa di hampunteun.sareung deui mugia urang sadayana tiasa ngajaga jeung ngajauhan lingkungan tina kotor anu tiasa nganimbulkeun panyakit... aamiin....’
6. wabilahi taufik wal hidayah..
Wassalammu ‘alaikum wr.wb...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar