Wawacan Sasakala Ciung Wanara
Pupuh Sinom
Aya hiji karajaan, karajaan di Ciamis, Raja
boga istri dua, boga budakna lalaki, istrina nu ka hiji, wasta Dewi
Naganingrum, tilu bulan ngantosna, di pasih putra lalaki, lantaran Dewi
Pangrenyepna sirikan.
Dipeceun eta anakna, digantikeuna ku
anjing, Rajana ambek-ambekan, anak dipiceun ku aki, dipulung aki nini,
nyangsang di paragi lauk, ngan acan boga ngaran, di ajak ulin ku aki, ku aki di
aranan ciung wanara.
Pupuh Maskumambang
Si Ciung bogaeun hayam sok di tanding,
tandingna sok meunang, harita ciung rek indit, inditna ka karajaan.
Di alun-alun Ciung papanggih patih,
nangtang mgadu hayam, nangtangna ka Raja sakti, ngarana Prabu Kusumah.
Pupuh Kinanti
Ciung tadonan jeung Prabu, prak hayamna
langsung tanding, elehna hayam Wanara,dibawa ka Cibarani, eta hayam di mandian,
akhirna teh meunang tanding.
Tuluy papanggih jeung indung, ngarana
nyaeta Dewi, Naganingrum teh tuluy na, meunangna saparo Nagri, si Ciung teh
meuni bungah, kawasana Cipamali.





Thanks
BalasHapusYwc 🙆
HapusWahh, sungguh membantu! terimakasih~
BalasHapusTerima kasih kembali kak 😊
Hapus